|
Sinopsis Buku: Kamus basa Sunda medal deui. Ayeuna mah R.A. Danadibrata (1905-1987) nu nyusunna teh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun eta teh. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah éntrina pangréana, 40.000 kitu atuh. Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda liana. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, entrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 18.000 éntri. Demi Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 entri. Lebah dinya nyongcolangna Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata teh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus basa Sunda, sigana nya R.A. Danadibrata pisan nu bias ngalengkepan kandaga kamus Sunda. Geuning sidik basa Sunda teh beunghar. Resensi Buku:
Buku Sejenis Lainnya:
![]() Advertisement |