|
Sinopsis Buku: Saeni ngaguar lalakon cinta nu aheng antara anak jeung indung. Asih nu kemba, nu ukur ngagalindeng dina angen sorangan, jadi daya tarik utama tina ieu carita. Gambaran alam basisir, kahirupan pamayang jeung kapercayaan mistikna, kasenian Ubrug di pasisian Banten, minangka latar anu henteu kapanggih dina novel Sunda samemehna. Saeni geus ngasongkeun nuansa sejen nu nenggang dina kamekaran sastra Sunda kiwari. Nilik kana beungharna pangaweruh anu gumulung dina jagat Saeni, kuring yakin ieu novel teh ngan bisa ditulis ku leungeun nu bobolokot (dirobah tina kekecapan van Peursen: "berpikir dengan tangan kotor"). Hartina, ieu novel teh ngan bisa ditulis satutas pangarangna bobolokot ngayakeun panalung-tikan anu daria ngeunaan kahirupan pamayang jeung anak wayang. Tegesna, lain novel ladang ngalamun. Pikeun pakum-buhan sastra Sunda mah ieu teh kontribusi nu lain lumayan. Ku medalna Saéni sastra Sunda ku Hadi AKS dibetot ti Priangan ka basisir kulon, saperti Darpan nu metot sastra Sunda ka Pantura, lengkep jeung spiritna. Muga baé ku gelarna ieu karya basa katut sastra Sunda téh lir totopong Ajisaka anu milu meber sabada dibetot ka mana-mana. Teddi Muhtadin Resensi Buku:
Buku Sejenis Lainnya:
![]() Advertisement |