|
Sinopsis Buku:
Nya sanggeusna disiksa ku deungeun-deungeun bari jeug teu nyaho naon kasalahanana, Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah, anak sudagar, anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ka Haji Latip, da puguh geus pakait pikir jeung Agus. Agus nyamur jadi pengiring Embah Dukun, nepi ka bisa paamprok jeung bebenena. Teu sakara-kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui, ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus. Atuh puguh guyur. Tah, kumaha ari geus kitu? Sae diaos bae. Matak pogot macana geura. Da sok sanajan rangkayna meunang mindahkeun tina naskah drama Le Medecin Malgre Lui karya Moliere (1622-1673) ge, ieu novel karya Mohammad Ambri (1892-1936) teh teu wudu karasa nyundana. Barina ge saha nu teu apal ka Mohammad Ambri, pangarang Sunda anu karangan-karanganana teu weleh dipikameumeut ku balarea. Resensi Buku:
Buku Sejenis Lainnya:
![]() Advertisement |